Jumat, 02 Januari 2015

Bayem

Bayem nya éta sayur anu ngaran ilmiahna Amaranthus spp., mimitina mah ukur dijadikeun pepelakan pikeun hiasan sabangsa kekembangan séjénna. [1]
Tapi, dumasar kana panalungtikan para ahli, kadieunakeun bayem dipromosikeun sabagé tutuwuhan anu bisa jadi sumber kadaharan anu luhung ajén gizina nepika meunang 'gelar' King of Vegetablesatawa 'Si Raja Sayur'. [1] Bayem, asalna ti daerah Amérika tropis. Dikira-kira, datang ka Indonesia dina abad ka-19, bareng jeung dimimitianana rute dagang ka wilayah nusantara. [1] Di Indonesia, bayem aya di unggal propinsi[1]Numutkeun data ti Departemen Pertanian, total tanah anu bisa dipanén bayem legana nepi ka 31,981 hektar. Dina urutan sayur komersial Indonesia anu jumlahna aya 18, bayem téh aya dina urutan ka-11. [1]
Tina 60 marga, bayem téh aya 800 jenis. Tapi sacara global, tangkal bayem téh dibagi kana dua golongan, nya éta bayem liar jeung bayem budidaya[1] Geus bisa katebak tina ngaranna, bayem anu bisa dijadikeun kadaharan, geus pasti bayem budidaya[1]
Kandungan gizi bayem kacida lobana. Numutkeun Dr. Seno Sastroamidjojo, tina 100 gram bayem bisa dihasilkeuntanaga 21 kilokalori, cai 92,9 gram, protein 2,1 gram, lemak 0,2 gram, karbohidrat 2,7 gram, jeung kandungan-kandungan gizi séjénna. [1]
Salian ti ngandung nutrisi anu kacida mangpaatna pikeun kaséhatan awak urang, bayem ogé bisa jadi bahan kadaharananu bisa nyegah rupa-rupa panyakit anu kaitung beurat, kayaning nurunkeun kolésterol, nyegah nyeri gugusiobatéksimmengi, ngajaga kaséhatan kulit raraykulit mastaka, jeung keur kaséhatan rambut[1] [2] Anu pangkakokcarana, bayem téh guna pikeun nyageurkeun panyakit lungsé alatan kurang darah[1] [2] Leuwihna ti éta, lantaran ngandung 'serat' anu luhung, bayem kacida alusna pikeun ngageurkeun panyakit sembelitjantungstroke, jeung panyakit-panyakit anu aya hubunganana jeung getih[1] [2]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar