Jumat, 02 Januari 2015

Puring Peda

angkal puring téh loba rupana, aya nu daunna siga belut (puring belut), aya nu daunna rérégéan (puring hias), aya ogé nu disebut puring peda. 
Nu disebut puring peda teh meureun pedah bentukna siga peda.

Puring peda bisa dijieun lalab. Carana kudu diseupan heula, dicampurkeun jeung lalaban lianna, nu ilahar sok dipaké lalab. Rasa daun puring rada amis. Seungitna has daun puring. Lamun geus ngadahar lalab daun puring, kiih bakal leuwih lancar.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar