Jumat, 02 Januari 2015

Alkesan

Alkésah (Pouteria campechiana), kalan-kalan disebut sawo walanda, mangrupakeun tuwuhan taunan nu ngahasilkeunbuah nu kapanggih di MéksikoBrazilTaiwanViétnam.
Ieu tuwuhan diduga asalna ti Méksiko nyaéta to kotaCampeche. Di Indonésia, tuwuhan ieu mangrupakeun salah sahiji tuwuhan buah anu mimiti hésé ditimukeun. Di Bandung, baheula aya kebon alkésah di Gang Halteu, Kacamatan Andir, tapi kiwari geus teu aya. Hanjakal buah ieu henteu dimangpaatkeun maksimal. Padahal alkésah beunghar ku kalori, zat tipung, vitamin (saperti vitamin A jeung vitamin B) sarta mineral.


Alkésa tuwuh nepi ka jangkungna 10 méter sarta ngahasilkeun buah nuwarnana jingga semu konéng nu panjangna nepi ka 7 cm sarta bisa didahar tanpa diasakan heula. Warna buahna héjo waktu ngora sartakonéng waktu geus asak. Kulit buahna gampang soék sahingga gampang ruksak. Daging buah alkésa boga tékstur
jiga hui boléd konéng, amis sarta rada kesed. Urang Inggris mindeng ngabandingkeun daging buah alkésah jeung kuluban konéng endog sahingga maranéhna mindeng nyebut ieu buah minangka eggfruit. Ditempo ti tékstur buahna, alkésah cocog dijadikeun bahan baku selé, dodol atawa digaringkeun jadi tipung minangka bahan kuéh.
http://su.wikipedia.org/wiki/Alkésah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar