Jumat, 02 Januari 2015

Katuk

Saha nu teu apal kana daun katuk? Tutuwuhan nu osok diangeun hérang atawa dikulub, dipaké coél sambel. Jeung aya mangfaatna pikeun anu panas padaharan, keur ngagomplokkeun buuk. Baheula mah, lamun orok atawa budak leutik geus didugulan, sirahna téh osok dibaluran ku daun katuk anu meunang ngagélang.
Melak katuk kawilang gampang. Neukteuk tangkalna, terus tancebkeun dina taneuh. Jieun pager hirup, ngan lamun usum halodo, kudu getén nyéboran.*** 
https://www.facebook.com/photo.php?fbid=803721219665205&set=gm.743797635698537&type=1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar