Jumat, 02 Januari 2015

Balogo

Baligo mangrupakeun tuwuhan anu ngareuy naék ka luhur nu ngahasilkeun buah anu kacida gedéna,
 dijadikeunsayuran. Buahna buluan mangsa ngora
. Waktu asak, buluna leungit kaganti ku hiji palapis lilin. Buah baligo bisa tumuwuh nepi ka panjangna 2 méter. Mimitina ieu tuwuhan dibudidayakeun di Asia Tenggara, tapi kiwari bisa tumuwuh di Asia Wétan jeung Asia Kidul.
Di India Kalér jeung Pakistan, baligo dipaké pikeun nyieun peremén nu disebut Petha. Di India Kidul baligo dimangpaatkeun pikeun sayur kari. Kalan-kalan, buahna digunakeun pikeun ngahasilkeun inuman buah. Biasana diamisan ku gula.
Baligo merlukeun hawa haneut pikeun tumuwuh. Buah baligo bisa disimpen nepi ka waktu 12 bulan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar