Jumat, 02 Januari 2015

Baluntas

Baluntas nya éta ngaran tutuwuhan

 anu biasa dimangpaatkeun pikeun ubar[1] Tangkalna ajeg, jangkungna 2 m atawa leuwih.[1] Régangna loba sarta
aya bulu lemesan.[1] Tumuwuh liar di taneuh nu garing atawa di pakarangan minangkapager.[1] Tangkai daunna pondok, cicingna sisilangan, wangunna lonjong, sisina regé-regé warna héjo.[1] Kembangna warna ungu.[1] Buahna siga gangsing warnana coklat.[1] Baluntas dikembangbiakkeun kucara seték.[2] Baluntas ngandung alkaloid, flavonoida, tanin, minyak atsiri, asam chlorogenik, natrium, kalium, aluminium, kalsium, magnesium, jeung fosfor.[2] Daunbaluntas biasana dimangpaatkeun pikeun ubar panas, bau awak, nyeri awak, keputihan, nyeri cangkengreumatik,[1] [2]nyeri beuteung, ubar scabies, jeung TBC kelenjar.[2]
Salian ti éta, daun baluntas ogé miboga potensi minangka ekstrak anu boga fungsi pikeun ngawétkeun kadaharan, alatan kamampuhna pikeun ngahambat tumuwuhna baktéri-baktéri nu ngalantarankeun karacunan kadaharan sarta baktéri nu ngalantarankeun karuksakan kadaharan.[3] Lian ti éta ogé kamampuhna minangka radical scavenging activity bisa dipaké pikeun sanyawa antioksidan ogé dipaké minangka ubar radang (inflamasi) sarta ubar ngising waé alatan pangabisana pikeun menghambat tumuwuhna baktéri S. aureus sarta E. coli.[3]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar