Jumat, 02 Januari 2015

Kangkung

Isuk-isuk, poé saptu 3 Januari 2015/12 Robiul Awwal 1436 H. Meneran dinten dilahirkeunana Nabi urang sadaya Kang Rosululloh SAW. Méméh indit ka laut, ulak ilik di sabudeureun imah adi nu ayana di wewengkon kampung pamalayan Desa Pamalayan Kecamatan Cikelet kabupaten Garut. Ret ka gigireun beulah kénca aya walungan, caina herang kénéh malah loba
nu ngadon nyeuseuhan. Ret, ka gigireun imah beulah katuhu, aya balong saat dipelakan kangkung cai. Kabeneran deui waé, cetrék dipoto. Kangkung aya dua rupa nurutkeun cara hirupna. Nyaeta anu hirup di darat dipelak dina taneuh ngarambat, aya anu hirup dina cai sarua ngarambat. Cara melakna babari, tangkal kangkung di tancebkeun dina leutak lamun nu hirup di cai, lamun anu di darat aya anu dipelak sikina. Jarak 3 bulan atawa kurang geus bisa kaala hasilna. Nu biasa didaharna, tangkalna anu ngora kénéh jeung dauna tinu ngora kénéh tepi ka pucukna. Kangkung cenah aya nu resep dilalab atah urang tasikmah, tapi kuringmah teu acan ngasaan. Anu ilahar kangkung téh, di kulub keur coél sambel, dioseng, cah kangkung jeung jamur atawa oncom, diloték asak, di jawa wetan mah dipaké campuran rujak cingur. Manfaat kangkung salian jadi lalab jeung sayuran ogé biasa nambah darah ubar hésé saré. Malah nu keur kakandungan atawa hudang ngajuru kedah seueur nuang kangkung. Sabab ampir rata-rata sayuran héjo ngandung vitamin keur nambah darah










https://www.facebook.com/groups/pustaka.sunda/?fref=nf

Tidak ada komentar:

Posting Komentar