Jumat, 02 Januari 2015

Peuteuy Selong-Malanding

Urang Sunda geus moal bireuk kana ieu lalab, peuteuy sélong. Siki buahna nu geus kolot atawa buahna nu masih kénéh ngora (hapa) biasa dijadikeun lalab.
Peuteuy sélong (Leucaena glauca) kaasup tutuwuhan tangkal nu teuas, jangkungna bisa nepi ka 20 méter.

Warna kulit tangkalna abu-abu geuneuk rada coklat, dahan jeung régangna rekah ngarandakah.
Daunna kaasup daun nu majemuk atawa loba. Ngarangkep pahareup-hareup dina susunan simetris.
Kembangna disebut pendul. Pendul mangrupakeun gundukan kembang pibuaheun éta peuteuy, nu ngawujud buleud.
Buahna kaasup kakacangan (polong), manjang tur ipis. Panjangna kurang leuwih 12-26 séntiméter, rubakna 2 séntian.
Buahna nu ngora warnana héjo, lamun geus rada kolot tur beuneur ngajadi semu coklat.
Ilaharna urang Sunda, hususna di lembur kuring, Banjaran, Bandung Kidul, buah peuteuy sélong sok dipake lalab.
Boh sikina tina peuteuy nu geus kolot atawa peuteuyna nu masih kénéh ngora. Siki buahna bisa pikeun bahan angeun atawa pasakan séjénna, misalna buntil. Kadang aya ogé nu sok digoréng atawa dilalab atah.
Siki peuteuy sélong meunang mesékkan, dipurulukkeun kana sangu haneut, atawa dicomot saacan dihuapkeun. Dikonsumsi jeung beuleum peda beureum atawa pindang tongkol. Diémbohan ku sambel tarasi. Geus pasti nikmatna. Bari ceuk béja ceunah ngonsumsi peuteuy sélong téh loba hasiatna keur ubar cacingan jeung nambah tanaga pikeun lalaki.
Ari buahna nu masih kénéh ngora, biasa sok dipaké pikeun lalab atah coél sambel, atawa bahan rujakeun.









https://www.facebook.com/groups/pustaka.sunda/permalink/744483722296595/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar